Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
18 Désémber nyaéta poé ka-352 dina sataun (ka-353 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 13 poé.
- 1271 – Kublai Khan ngaganti ngaran karajaanna jadi "Yuan" (元 yuán), sacara resmi nandaan awal Dinasti Yuan Mongolia jeung China.
- 1499 – Palawanan lumangsung di Alpujarras minangka walonan kana paksaan kudu parindah agamana umat Islam di Spanyol.
- 1622 – Pasukan Portugis meunang ngalawanan Karajaan Kongo dina Patempuran Mbumbi di tempat nu kiwari nelah Angola.
- 1916 – Perang Dunia I: Patempuran Verdun réngsé nalika pasukan Jérman dina pingpinan Kapala Staf Erich von Falkenhayn diéléhkeun ku Perancis, sarta nandangan karugian korban 337.000 jalma.
- 1939 – Perang Dunia II: Patempuran Helogoland Bight lumangsung, campuh utama nu munggaran di jomantara.
- 1944 – Perang Dunia II: Tujuh puluh tujuh B-29 Superfortress jeung 200 pasawat séjénna ti AU ka-14 AS ngaboman Hankow, China, minangka markas logistik Jepang.
- 1966 – Satelitt Saturnus, Epimetheus, katimu ku astronom Richard Walker.
- 1981 – Pasawat Ruisa pangebom strategis Tu-160 munggaran ngapung, panggedéna pasawat tempur di dunia, panggedéna pasawat supersonik, sarta panggedéna pasawat nu jangjangna bisa digular-gilir.
- 2005 – Perang Sipil Chad dimimitian nalika grup palawanan nu diangkeuh meunang dukungan ti nagara tatangga Sudan medar serangan ka Adré.
- 2006 – Banjir kahiji dina sarangkéan banjir narajang Malaysia. Korban jiwa tina sakabéh banjir saheunteun 118 jalma, sarta leuwih ti 400.000 urang diungsikeun.
- 2018 – Hiji météor ngabeledug di saluhueun Laut Bering nu kakuatanna sapuluh kalieun bom atom ngancurkeun Hiroshima di taun 1945, dina tanggal 18 Désémber 2018 jam 23:55 GMT.
- 695 – Muhammad bin Qasim, jéndral Syria (td. 715)
- 1856 – J. J. Thomson, élmuwan Inggris (td. 1940)
- 1878 – Joseph Stalin, PM kaopat Uni Soivét (td. 1953)
- 1890 – Edwin Howard Armstrong, Insinyur Amérika (td. 1954)
- 1913 – Willy Brandt, kanselir Jérman kaopat (td. 1992)
- 1916 – Betty Grable, artis Amérika (td. 1973)
- 1943 – Keith Richards, pamaén hitar Inggris (the Rolling Stones)
- 1946 – Steven Spielberg, sutradara Amérika
- 1954 – Ray Liotta, aktor Amérika
- 1963 – Greg D'Angelo, panabeuh dram Amérika (White Lion)
- 1963 – Charles Oakley, pamaén baskét Amérika
- 1963 – Brad Pitt, aktor Amérika
- 1964 – Stone Cold Steve Austin, tukang gulat Amérika
- 1966 – Gianluca Pagliuca, kiper Itali
- 1967 – Mille Petrozza, gitaris Jérman (Kreator)
- 1968 – Casper Van Dien, aktor Amérika
- 1969 – Santiago Cañizares, kiper Spanyol
- 1970 – DMX, rapper Amérika
- 1971 – Arantxa Sánchez Vicario, pamaén ténes Spanyol
- 1973 – Fatuma Roba, atlét balap lumpat Ethiopia
- 1975 – Sia Furler, tukang ngawih Australi
- 1978 – Josh Dallas, aktor Amérika
- 1978 – Katie Holmes, artis Amérika
- 1980 – Christina Aguilera, tukang ngawih Amérika
- 1985 – Déwi Perssik, tukang ngawih dangdut Indonésia
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|