Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
2 Désémber nyaéta poé ka-336 dina sataun (ka-337 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 29 poé.
- 1409 - Universitas Leipzig dibuka.
- 1804 - Napoleon Bonaparte ngamakutaan manéh minangka kaisar Perancis di katédral Notre Dame, Paris minangka nu munggaran dina kurun waktu 1.000 taun.
- 1805 – Perang Koalisi Katilu: Patempuran Austerlitz: Pasukan Perancis dina pingpinan Napoleon Bonaparte ngéléhkeun pasukan gabungan Rusia – Austria sacara mutlak.
- 1823 – Doktrin Monroe: Dina pesen Nagara Sarikat, Présidén AS James Monroe nyatakeun nétralitas Amérika dina pacéngkadan-pacéngkadan Éropa di mangsa hareup sarta ngingetan Éropa pikeun teu pipilueun kana urusan Amérika.
- 1848 - Franz Josef I jadi kaisar Austria.
- 1851 – Présidén Perancis Louis-Napoléon Bonaparte nyingkirkeun Républik Kadua.
- 1852 – Louis-Napoléon Bonaparte jadi Kaésar Perancis nelah Napoleon III.
- 1859 – Pamingpin milisi anti-pabudakan, John Brown, digantung alatan seranganna ka Harpers Ferry, Virginia Kulon.
- 1908 – Puyi jadi Kaésar China dina umur dua taun.
- 1915 - Albért Éinstéin mublikasikeun téorina ngeunaan rélativitas umum.
- 1927 – Nuluykeun produkis modél Ford T nu geus 19 taun, Pausahaan Motor Ford ngébréhkeun Ford Modél A minangka hiji mobil anyar.
- 1942 – Perang Dunia II: Nalika Proyék Manhattan, hiji tim nu diluluguan ku Enrico Fermi ngamimitian nyieun réaksi nuklir artifisial sinambungan nu munggaran.
- 1943 – Perang Dunia II: Hiji pasawat Luftwaffe ngaboman palabuan Bari, Itali, ngalelepkeun sajumlah kargo jeung kapal pangangkut, kaasup Kapal Amérika SS John Harvey, nu mawa sasadiaan ti mangsa Perang Dunia I, gas mustar.
- 1949 – Konvénsi pikeun Panekenan Jual Beli Jalma jeung Éksploitasi Prostitusi, diadopsi.
- 1950 – Perang Koréa: Patempuran Leuwi Ch'ongch'on réngsé ku kameunangan mutlak pihak China, pasukan PBB kabéh diusir ti Koréa Kalér.
- 1954 – Pasini Pertahanan Mutual Sino-Amérika antara Amérika Sarikat jeung Taiwan ditanda tangan di Washington.
- 1971 - Uni Émirat Arab dibentuk.
- 1975 – Perang Sipil Laos: Pathet Lao ngepung puseur nagri Vientiane, maksa turun tahtana Raja Sisavang Vatthana, sarta ngaproklamirkeun Républik Démokrasi Rakyat Laos.
- 1980 – Perang Sivil Él Salvador: Opat misionaris Amérika diperkosa jeung ditelasan ku pasukan panémbak mati.
- 1982 – Di Universitas Utah, Barney Clark jadi jalma munggaran nu nampa jantung buatan permanén.
- 1944 – Ibrahim Rugova, présidén kahiji Kosovo (td. 2006)
- 1946 – Gianni Versace, juru rancang fésyen Itali (td. 1997)
- 1960 – Rick Savage, pamaén bass Deff Leppard
- 1968 – Lucy Liu, artis Amérika
- 1971 – Francesco Toldo, kiper Itali
- 1973 – Monica Seles, pamaén ténes Amérika kalahiran Sérbia
- 1973 – Jan Ullrich, atlét balap sapédah Jérman
- 1978 – Nelly Furtado, artis jeung panyanyi Kanada
- 1981 – Britney Spears, panyanyi Amérika
- 1983 – Daniela Ruah, artis Amérika/Portugis
- 1983 – Jana Kramer, artis Amérika
- 1991 – Charlie Puth, musisi Amérika
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|